Hariring Kuring

Ieu kuring
Kuring nu keur ngahariring
Hariring panglipur kalbu nu teu bisa cicing
Teu bisa cicing alatan aya nu pulang anting
Pulang anting bangun nu rungsing
Rungsing alatan taya nu ngageuing
Ngageuing ku sakeclak cai wening
Cai wening nu bakal ningtrimkeun sukma awaking
Sukma awaking nu hayang jadi ginding
Ginding nepi ka matak pangling
Pangling sabab asih Gusti geus kacangking
Kacangking ku diri kuring
Diri kuring nu bakal nyinglarkeun karungsing
Karungsing nu teu bisa cicing
Nu teu bisa cicing baris kasirep ku hariring
Hariring nu kiwari marupa dangding
Dangding nu direumbeuy ku du’a kuring
Du’a kuring keur sajatining kuring

My Emoticon

I'll do my best 4 U

;;